19.12.09

Sunda mulaskeun warna (kelir)



A. Kelir Kasundaan nurutkeun teori warna Analong (A. Munsell, color notation, 1898)

Lamun disusun dina hiji palet warna, bakal aya dua kelir dasar anu ngarojong kana jadina wirahma kelir eta. Kadua kelir dasar eta teh nyaeta kelir paul (biru) anu Ultramarine dicampurkeun jeung kelir beureum (merah) Karmen, tapi kudu dilengkepan ku hiji sumbu; nyaeta ka arah kelir bodas (putih). Tanwande bakal ngabungkeuleuk kelir: kayas jeung gandaria anu dina sisi-sisina aya kelir gandola (ungu).
Nyaeta: kelir Kayas, Kasumba, Gandaria, Gandola, jeung Paul.
Wirahma kelir kayas kagolong kana kelir ngora sipatna lemes, sedengkeun kelir paul kagolong kana wirahma kelir kolot sipatna berat.
Kayas, Kasumba, jeung Gandaria mindeng digambarkeun dina sajak-sajak atawa seni tembang Sunda anu sipatna melankolik. Contona: Seni Tembang Kacapi Suling.

B. Kelir Kasundaan nurutkeun teori warna Brewster (A. Munsell, color notation, 1898)

1. Wirahma kelir beureum ka arah koneng:
-Beureum
-Beureum cabe
-Beureum ati
-Kasumba/daragem
-Kayas
-Gedang asak
-Gading
-Koneng
-Koneng enay

2. Wirahma kelir hejo ka arah paul:
-Hejo
-Hejo lukut
-Hejo ngagedod
-Hejo paul
-Gandaria
-Gandola
-Bulao saheab
-Pulas haseup
-Bulao

3) Wirahma kelir anu teu kaasup kana dua golongan di luhur :
-Bodas
-Hideung
-Borontok
-Coklat kopi atawa pulas kopi, kopi tutung
-Candra mawat
-Bulu hiris
-Bulu Oa* : dawuk, hawuk, kulawu, pulas
-Lebu

*Oa) sabangsa primata/ monyet anu buluna abu-abu.
(Hantja)